mutiara

Naskah Khutbah Idul Adha 2022 Bahasa Sunda: Husnudzon ka Gusti Allah SWT

Kamis, 30 Juni 2022 | 11:57 WIB
Ilustrasi khutbah Jumat dengan tema cinta kepada Nabi Muhammad SAW. (PIXABAY/stratageme2015)

Keur ngabuktikeun yen parentah agama teh moal ngarugikeun pikeun ummat.contona loba pisan saperti:

Kahiji, Nabi Ibrohim As, nalika ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana nu jenengannana Ismail, di hiji lengkob nu nenggang teu aya lembur, sedengkeun Ismail harita masih orok. Nabi Ibrahim cukup ku ngadoakeun supaya kulawargana daek solat, boga akhlak nu hade, sarta dibere rizki ku Allah. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

رَّبَّنَا إِنِّى أَسْكَنتُ مِن ذُرِّيَّتِى بِوَادٍ غَيْرِ ذِى زَرْعٍ عِندَ بَيْتِكَ ٱلْمُحَرَّمِ رَبَّنَا لِيُقِيمُوا ٱلصَّلَوٰةَ فَٱجْعَلْ أَفْـِٔدَةً مِّنَ ٱلنَّاسِ تَهْوِى إِلَيْهِمْ وَٱرْزُقْهُم مِّنَ ٱلثَّمَرَٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُونَ

“Nun gusti pangeran abdi sadaya, sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdidina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, anu pernahna caket bumi Gusti (baitullah) anu dimulyaken. Nun Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranehna kersa ngaradegkeun salat, mugia hatena jalmi-jalmi janten manteng kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia gusti maparin rizki ka maranehna mangrupi bubuahan, supados maranehna muji sukur." (Qs. Ibrahim: 37)

Baca Juga: Restaurant Halal Terbaik di Negara Thailand, Jangan Bingung Lagi Bila ke Thailand

Terus kanyataanna,kulawarga Nabi Ibrahim As kacida dipikanyaahna ku Allah. Ismail salamet, atuh indungna oge salamet, malah aya sumur zamzam bukti kanyaah Allah anu masih aya dugi ka ayeuna.

Allahu Akbar 3x

Hadirin Rahimakumullah...

Kadua, saparantos Ismail nincak umur baleg, Allah miwarang Ibrahim supaya meuncit putrana nu jenengan Ismail tea, tapi kanyataannana ku Allah digentos peupeuncitannana ku domba nu badag ti jero sawarga. Dawuh Allah dina Al-Qur’an dina surat As-Soffaat ayat ka 106-107.

إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰؤُاٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ

“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung kami geus ngaganti manehna (Isma’il) ku peupeuncitan anu gede (domba anu lintuh).”

Sajarah ayana kurban sabab kata’atannana Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Dugi ka ayeuna kurban bisa dirasakeun mangpa’atna ku urang sarerea terutama keur jalma miskin.

Baca Juga: 8 Rekomendasi Kuliner Halal di Thailand, Cocok Untuk Para Traveller Muslim

Katilu, ngalaksanakeun pernikahan ku Allah dianjurkeun kacida, sabab nikah teh bakal ngajaga farji jeung paningali. Sanajan rumasa jadi jalma nu miskin, ku Allah pasti bakal dibere rizki anu cukup, asal urangna bener-bener daek usaha. Dawuh Allah dina Al-Quran dina surat An-Nur ayat 32.

وَأَنكِحُواٱلْأَيَٰمَىٰ مِنكُمْ وَٱلصَّٰلِحِينَ مِنْ عِبَادِكُمْ وَإِمَائِكُمْ إِن يَكُونُوا فُقَرَاءَ يُغْنِهِمُ ٱللَّهُ مِن فَضْلِهِۦ وَٱللَّهُ وَٰسِعٌ عَلِيمٌ

Halaman:

Tags

Terkini

Menyambut Ramadhan 2026: Sejarah, Ritual, dan Harapan

Selasa, 23 September 2025 | 18:03 WIB

1 Ramadhan 1447 H Kapan? Simak Perkiraan Puasa 2026

Selasa, 23 September 2025 | 17:44 WIB

Amalan dan Doa Rabu Wekasan 20 Agustus 2025

Selasa, 19 Agustus 2025 | 20:23 WIB